Skip to main content

Posts

Featured

Braaaallll.....

Braaal ... Anaking... Aya rasa bagja... Bagja nu moal bisa diudar basa... Bagja nu teu katepi titiir wanci... Bagja nu hamo kaukur ku tujuh langit.... Bagja nu cadu kateuleuman jerona laut.... Nyai Geulis.. anaking... Goak hidep mangsa medal dialam dunya.... Jadi rumpaka nu ngawirahma na hirup ama... Mapaesan endahna leuweung tangtung manusa... Ngageuri ati lir gelik suling mirig kacapi.... Nyai Bageur... Tungkusan Kalbu... Pangyuga ama moal kateukteuk seukeutna kala.... Kanyaah ama hamo kaajul luhurna langit.... Sing kahade... panutan... Hirup di dunya teh lain ukur saheureuyeun.... Pipilih make pangarti, pipilah pirig ku ajen... Elmu pangaweruh mungguh dipulung... Iman jeung Taqwa pupuntang lampah..... Braaaal... anaking....

Latest Posts

ShaFa Q